Rabu, 08 Agustus 2018

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA

Assalamu'alaikum.wr.wb.
Kali ini saya akan membahas tentang babasan dan paribasa(peribahasa) dalam bahasa sunda. Teman teman pasti mau tau kan apa itu babasan dan paribasa sunda? Sekarang,yuk kita baca agar kita semua tau.

¤BABASAN
  Babasan téh kaasup kana basa pakeman. Ari anu dimaksud babasan nyaéta ucapan matok nu geus puguh éntép seureuhna nu dipaké dina harti injeumanana. Jadi lain harti sajalantrahna. Eusina mangrupa babandingan sipatna hiji barang atawa kaayaan sarta geus ngawangun hiji kecap.
  Ku lantaran mangrupa bahasa pakeman téa, tangtu wé babasan téh teu bisa dirobah, boh ungkarana boh kekecapanana. Upama ditambahan, dikurangan, atawa dilemeskeun, sipatna bisa jadi robah jeung hartina ogé bisa jadi robah deuih.
Conto Babasan:
1. Gedé hulu = adigung.
"Tong dibaturan jalma gedé hulu kitu mah, tuman!"
2. Ulah sok ngéok méméh dipacok = ulah sok ngarasa horéam ku pagawéan saméméh dicobaan.
" Ari jadi jelema ulah sok ngéok memeh dipacok".

¤PARIBASA
  Paribasa téh sarua kaasup kénéh basa pakeman. Paribasa téh babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun hiji omongan (runtuyan kecap) anu geus puguh éntép seureuhna, geus puguh sarupanana, sarta geus tangtu pokpokanana.
  Sarua jeung babasan, paribasa ogé teu bisa dirobah ungkarana jeung kekecapanana. Bédana téh, paribasa mah mangrupa kalimah.
  Upama urang hayang nyaho éta téh paribasa atawa lain, bisa dicocogkeun jeung sawatara keterangan dihandap.
  1. Paribasa sipatna ngabandingkeun, ngumpamakeun, jeung mapendékeun.
  2. Paribasa téh omongan anu hartina lain harti sajalantrahna.
  3. Paribasa mangrupa kalimah anu teleb sarat anteb kana haté nu dibawa nyarita.
  4. Paribasa henteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, atawa dilemeskeun kecapna, sabab geus mangrupa basa pakeman.

  Ditilik dina maksud anu dikandungna, paribasa téh bisa dipasing pasing jadi tilu golongan, nyaéta:
  1.Paribasa Wawaran Luang
   Eusina ngébréhkeun pangalaman anu geus lumrah di masarakat, sarta mangrupa bahan babandingan pikeun laku lampah urang.
   Contona:
-Adat kakurung ku iga. Hartina,adat atawa kabiasaan anu geus hésé dipiceuna
-Mihapé hayam ka heulang. Hartina,mihapé atawa nitip barang ka nu geus kanyahoan teu jujur.
 
  2.Paribasa Pangjurung Laku Hadé
   Eusina pikeun pangjurung milampah kahadéan.
   Contona:
-Cikaracak ninggang batu,laun laun jadi legok. Hartina, upama dileukeunan bari junun sagala rupa anu hésé ogé bakal bisa.
-Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung. Hartina, nuduhkeun jelema gétol digawé, capé ogé ngeureuyeuh wé, nu antukna bisa meunang pangupa jiwa.

  3.Paribasa Panyaram Lampah Salah
-Cul dogdog tinggal igel. Hartina, ninggalkeun gawé baku, terus migawé pagawéan anu taya hasilna.
-Pupulur méméh mantun. Hartina, ménta buruhan méméh prak digawé.


Gimana? Sekarang jadi tau kan apa itu babasan dan paribasa sunda?
Sampai disini dulu ya. Mohon maaf bila ada salah kata atau bahasa yang tidak dimengerti.

Terima Kasih

Tidak ada komentar:

Posting Komentar